Materi Khutbah Jumat Singkat Bahasa Sunda tentang 'Sedekah Kanu Hak Na'

- 10 Juni 2022, 08:46 WIB
Ilustrasi naskah khutbah Jumat Bahasa Sunda terbaru.
Ilustrasi naskah khutbah Jumat Bahasa Sunda terbaru. /Pixabay/apassing stranger.

AKSARA JABAR- Berikut ini materi khutbah bahasa Sunda tentang 'Sedekah Kanu Hak Na.

Materi khutbah singkat ini dilansir dari Buku Aweuhan Ti Paimbaran Karya Nursholeh Qusyairy.

Berikut materi Khutbah Jumat Singkat Bahasa Sunda dengan judul 'Sedekah Kanu Hak Na'.
 
Baca Juga: Teks Khutbah Jumat Singkat Bahasa Sunda Terbaru tentang ‘Welas Asih’

Khutbah kahiji

إِنَّ الْحَمْدَ لِلَّهِ, نَحْمَدُهُ, وَنَسْتَعِينُهُ, وَنَسْتَغْفِرُهُ, وَنَعُوذُ بِاللَّهِ مِنْ شُرُورِ أَنْفُسِنَا, وَسَيِّئَاتِ أَعْمَالِنَا. مَنْ يَهْدِهِ اللَّهُ فَلاَ مُضِلَّ لَهُ, وَمَنْ يُضْلِلْ فَلاَ هَادِيَ لَهُ, وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللَّهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ, وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ

اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ

أَمَّا بَعْدُ

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ

فيا عباد الله أوصيكم وإيّاي نفسي بتقوى الله حقّ تقاته فقد فاز المتقون

قَالَ اللهُ تَعَالى فِيْ الْقُرْآنِ الْكَرِيْمِ

مَّثَلُ ٱلَّذِينَ يُنفِقُونَ أَمْوَٰلَهُمْ فِى سَبِيلِ ٱللَّهِ كَمَثَلِ حَبَّةٍ أَنۢبَتَتْ سَبْعَ سَنَابِلَ فِى كُلِّ سُنۢبُلَةٍ مِّا۟ئَةُ حَبَّةٍ ۗ وَٱٱللَّهُ يُضَٰعِفُ لِمَن يَشَآءُ ۗ وَٱللَّهُ وَٰسِعٌ عَلِيمٌ

Hadirin sidang Jumat Rohimakumullah

Diantawis kamulyaan hiji jalmi nyaeta kersa tutulung kanu butuh, tatalang kanu susah nyisihkeun sabagian harta, gesan ngaraih amal shodaqoh jariahna.

Nanging sabagian jalmi sok kadang kawis aya anu ngamanfaatkeun kajembaran jalmi malah tos janten kabiasaana maredih ku lisan miharep sedekah padahal maranehna tos ka etang mampu dina kahirupanana Rosululloh SAW. Kantos ngadawuh.

Hartina "Panangan di luhur langkung sae tibatan panangan nu di handap"

Hartosna jalmi anu jembar masihan sedekah langkung mulya, tibatan nu narimana.

Ieu mangrupakeun anjuran mulai ti Rosululloh SAW keur umatna marentahken supados nyisihkeun sabagian harta ka jalmi anu hak narimana.

Zaman kiwari loba anu ngamanfaatkeun kajembaran para agnia ku miharep sedekahna nanging anjeunna sorangan teu hak sabab lain perkara anu darurot tapi ku sabab janteun kabiasaan nu teu pinuji sabda Rosululloh:

Hartina "Langkung sae jalmi ngempelkeun kayu bakar teras diical tibatan kedah menta-menta ka batur sok sanajan maranehna masihan atawa nolakna"

Teu aya masalah upami nu ku urang disodaqohan leres-leres jalmi anu ripuh dina kahirupanana pahatulalis lieuk euweuh ragap taya estu pikamelaseun.

Nanging upami nu di shodaqohan eta teu hak sapeser oge janten pertarosan naha ridho ta henteu dina masihanana oge?

Sebab saumpami jalmi dipasihan kasampurnaan tina badana, kasehatana teu aya nu cacad mangka sedekah sarta zakatna janteun teu halal anjeuna mementa. Sabda Rosululloh diriwayatken ku (Turmudzi Ti Habsi Bin Junadah).

Hartina "Saleresna sedekah janteun teu halal pikeun jalma anu ngapimilik anggota tubuhna"

Ieu salaku ciri anjeuna leres-leres dina kaayaan bangkrut, hutangna numpuk, kakayaanana disita atanapi seep bekel dina perjalanan jauh mangka dina kondisi sapertos ieu kenging nyuhunkeun ka perorangan atanapi lembaga anu pantes, haram upami anjeuna milih maot kalaparan saparantosna kitu anjeuna kedah niat kanggo madamel parobahan kaluar tina menta-menta ka batir.

Disagedengeun ti eta peringatan Allah ka jalmi nu teu aya hak tapi jadi kabiasaan pagawean pangedulan sabda Rosululloh SAW.

Hartina "Upami salah saurang diantara anjeuna ngabiasakeun menta-menta dugi ka anjeuna maot mangka nalika anjeuna ngadeuheus ka Allah dina wajahna estu teu aya sapotong daging oge (peot)"

Mangga urang sami-sami nyeueurkeun sodaqoh jariah ka jalmi anu hak, sanes ka jalmi anu ngamanfaatkeun situasi atawa kondisi anu teu pantes (sanes hak na).

Mudah-mudahan jalur amal urang sadaya kenging ridhona Allah SWT tur disarengan ku kaikhlasan.

Sareng pasihkeun ka kaluarga nu caket tina hak na, teras ka jalmi miskin serta ka jalmi anu aya diperjalanan sareng tong ngahambur-hamburkeun harta ku cara boros, mudah-mudahan urang kenging taufik sareng hidayahna, Amin yarobal a'lamin.

بَارَكَ اللهُ لِي وَلَكُمْ فِي القُرْأنِ العَظِيْمِ وَنَفَعَنِي وَاِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ الاَيَاتِ وَ ذِكْرِالحَكِيْمِ وَ تَقَبَّلَ اللهُ مِنِّي وَمِنْكُمْ تِلَاوَتَهُ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ العَلِيْمِ

Khutbah kadua

الـحَمْدُ للهِ رَبِّ العَالَـمِيْنَ وَبِه نَسْتَعِيْـنُ عَلـى أُمُـوْرِ الدُّنْيَـا وَالدِّيْـنِ
وَأَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللَّهُ وَحْدَهُ لاَ شَرِيْكَ لَهُ, وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُولُهُ

اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلٰى آلِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ

يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللَّهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُونَ

فيا عباد الله أوصيكم وإيّاي نفسي بتقوى الله حقّ تقاته فقد فاز المتقون

إِنَّ اللَّهَ وَمَلَائِكَتَهُ يُصَلُّونَ عَلَى النَّبِيِّ يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا صَلُّوا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوا تَسْلِيمً

اَللَّهُمَّ صَلِّ عَلٰى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَاٰلِهِ وَصَحْبِهِ اَجْمَعِيْنَ

Lanjut ku Doa

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، وَالْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ اْلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ، إِنَّكَ سَمِيْعٌ قَرِيْبٌ مُجِيْبُ الدَّعَوَاتِ

رَبَنَا ءَاتِنَا فِي الدّنْيَا حَسَنَةً وَفِي اْلأَخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النّارِ. والحمد لله رب العالمين

عِبَادَالله! اِنَّ اللهَ يَأْمُرُنَا بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْي يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ ***.وَاذْكُرُوااللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرْ
.***
 

Editor: Iing Irwansyah


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x